Senin, 26 Agustus 2019 | Humas.Bandung.go.id Tentang Kami ‧ Kontak Kami
Artikel
Rebo Nyunda

Usum nu (Teu) Tangtu

Rabu, 14 Agustus 2019

Usum nu (Teu) Tangtu
IST.

HumasBandung - Nurutkeun Kala Sunda, satemena di urang gé jeroning sataun téh dibagi 4 usum. Nyaéta ngijih/hujan, dangdangrat/dangdarat, halodo/katiga, jeung labuh/mamaréng.

Sanajan kitu, nu dianggap usum nu tangtu mah ngan dua dina sataun. Nyaéta ngijih/hujan jeung halodo/katiga. Sedengkeun nu dua deui dianggap pancaroba.

Pancaroba téh mangsa bagantina usum nu maneuh jeroning sataun—boh ti halodo ka ngijih, boh ti ngijih ka halodo—, ogé mibanda kalungguhan nu kawilang penting. Pancaroba mangrupa tangara alam pikeun tuduh manusa nu kudu disurahan enggoning ngalakonan hirup jeung huripna.

Nu kaasup kana pancaroba nyaéta dangdangrat jeung labuh. Nurutkeun Kamus R.A. Danadibrata (2006), dangdangrat téh usum panyelang antara usum hujan ka halodo, atawa hujan jeung halodo kakapeungan. Sabalikna, labuh mah usum panyelang antara halodo ka hujan.

Dina ‘Pranata Mangsa’ (péréléan ngaran usum-usuman jeroning sataun, aya 12 ngaran usum, tur séwang-séwang boga itungan nu tangtu), dangdangrat umurna 87 poé (26 Maret-21 Juni) ti mimiti posisi panonpoé aya puseuring garis khatulistiwa dina posisi 0º, laju bagerak ngalér nepi ka posisi 23,5º LU (Lintang Utara).

Dangdangrat ngawengku 3 usum, kahiji, Kasadasa (kasapuluh) lilana 23 poé (26 Maret-17 April). Cirina, angin tarik ngagelebug datangna ti wétan kidul (tenggara), sato meujeuhna rareuneuh, manuk récét nyarieun sayang. Méré tangara ka juru tani, di pagunungan huma sawaréh geus meujeuhna dipanén, di sawah nu subur cai mimiti tebar, jeung di kebon tatan-tatan malawija.

Kadua, Desta (kasawelas) lilana 23 poé (18 April-10 Méi). Cirina, hawa karasa garing bayeungyang, angin angger ngagelebug, manuk geus baranahan, hama kungkang mimiti ngaruksak pepelakan, sarta tatangkalan ngarangrangan. Tangara meumeujeuhna sibuk tandur jeung malawija.

Jeung katilu, Sada (kaduawelas) lilana 41 poé (11 Méi-21 Juni). Cirina, mimiti usum halodo, angin ngahiur ti wétan, peuting nepi ka isuk-isuk tiris sedeng beurang hawa karasa nyongkab, taneuh ngebul, dangdaunan lalayu, datang hama paré, loba panyakit (sasalad), sarta watek jalma babari napsu. Tangara, keur usum rumpak jami, sawaréh juru tani ngampihkeun paré hasil dibuat ka leuitna.

Sedeng labuh umurna 52 poé (17 Séptémber-17 Oktober). Ngawengku 2 usum, nyaéta Kapat (Kaopat) lilana 25 poé (17 Séptémber-11 Oktober). Cirina, angin datangna ti kulon ngahiur muter nimbulkeun hujan, mimiti kadéngé sora gugur, sasatoan balegér, lauk di walungan kalaluar/liar ti liang-liang leuwi, randu buahan, gadung mimiti nyareng, sarta hadé pikeun melak cau. Tangara, juru tani mimiti ngagarap sawah deui, tur biasana réa nu katerap nyeri beuteung jeung utah-utahan.

Jeung Kalima lilana 27 poé (12 Otober-7 Nopémber). Cirina, angin ngahiur tarik datangna ti kalér kulon (barat laut) bareng jeung hujan, ari hujan datangna isuk-isuk atawa soré, tatangkalan réa nu raruntuh, siraru mimiti kalaluar tina hunyurna, bungbuahan karolot, bongborasan jaradi, asem pucukan, konéng ngadaun ngora, oray jeung ulam barijil, sarta béntang wuluku katémbong soré-soré. Tangara, mimiti suhud ngurus huma, sawah mimiti tebar, tur sawaréh aya nu geus ditanduran.

Hal ieu nunjukkeun yén pancaroba boga kalungguhan penting dina kahirupan masarakat/juru tani. Mungguh ngagantungkeun hirup tina ladang nyurahan usum jeung meureut cikésang. Kitu ogé Kala Sunda jadi adeg-adeg ketahanan pangan. Minangka kaarifan lokal diversifikasi pangan, luyu jeung robahna usum.

Tapi, naha kiwari manusa masih kénéh misobat alam? Atawa boga tanggung jawab pikeun ngaraksa-ngariksa lingkunganna? Kitu deui Kala Sunda masih jadi babon lalakon malintangan? Galagat usum nu geus teu tangtu, munculna rupaning kajadian alam (kaasup cuaca ekstrim), murbana ‘pemanasan global’ (global warming), mahabuna wabah panyakit, poharana nu gagal panén, nerekabna sawatara sato ngaranjah padumukan lantaran réa lahan nu alih fungsi, sarta geunjleungna isu paceklik (rawan pangan), saniskara tangara yén manusa geus teu miduli alamna.

Galagat usum nu terus robah kudu disurahan kalawan jembar. Kala Sunda baris bisa marengan minangka warisan budaya, dina nyorang leunjeuran usum ku katiginan. Pancaroba teu saukur dihartikeun bagantina usum baé, tapi disurahan minangka tangara kudu pindahna paripolah manusa sangkan nyaah tur teu ngalalaworakeun alamna. Dibarengan ku ajén budaya, atikan, sarta harmonisasi politik.* ari/das - humas.bandung.go.id


Kata kunci:

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
Terkait