Sabtu, 19 Oktober 2019 | Humas.Bandung.go.id Tentang Kami ‧ Kontak Kami
Artikel
Rebo Nyunda

Ngeunaan Seuri

Rabu, 26 Juni 2019

Penulis: Is Tuning

HumasBandung - Dina kajadian naon baé, biasana urang Sunda mah sok manggih baé lolongkrang keur heureuy. Tong boroning dina ririungan anu keur suka bungah, atawa keur daria, samodél ngabandungan pidato bapa kuwu, najan dina waktu keur ngubur nu maot ogé, pasti dikoréhan waé hal-hal anu pikaseurieun téh.

Nu matak, ceuk cenah, urang Sunda mah tara némbongkeun pasemon kerung, tara jamedud, kuraweud haseum, komo jajauheun kana sentak sengor mah, kulantaran ti barétona urang Sunda mah, resep nyieun hal-hal anu matak pikaseurieun téa.

Ayeuna urang cobaan talungtik, naon atuh sabenerna anu bisa ngalantarankeun urang bisa seuri téh?

Kabéh gé tangtu nyaho sababna, jelma seuri kusabab ngarasa lucu, heueuh? Tapi ceuk élmuwan jeung élmuwati mah, jawaban kitu téh pajarkeun teu ilmiah. Tah, kulantaran éta, masalah seuri ieu, kungsi dijadikeun hiji bahan panalungtikan. Teuing seuri téh ngarupakeun hal anu penting, teuing nu nalungtikna wé mémang euweuh pagawéan...

Young, sarjana psikologi ti Amerika dina taun 1973 ngayakeun tés ka 184 urang mahasiswa anu dipénta ngeusian pormulir ngeunaan hal-hal atawa kajadian naon baé anu dialamanan dina waktu 24 jam ka tukang, anu matak pikaseurieun. Hasilna, 62% seuri kulantaran banyol anu dicaritakeun ku babaturanana, 18% kulantaran maca atawa lalajo, 15% kulantaran ningali kajadian pikaseurieun, tah, sésana 4% "teu ngahaja" seuri. Aya kitu seuri nu teu kahaja?

Séjén deui panalungtikan Dr. McDonal Critchley. Ieu mah urang London, Inggris. Manéhna nyebutkeun, yén jarang aya kajadian anu seuri dina mangsa sosoranganan mah. Sabenerna, soal pendapat ieu, teu ditalungtik gé urang geus pada apal, ukur jelma anu teu jejeg ingetanana nu sok seuseurian sorangan mah. Tapi kétang, jaman kiwari mah, loba pisan jelma boh keur nagog dina jero karéta, keur di tempat pagawéanana, atawa keur gogoléran bari nyusuan budak, sok mindeng sura seuri sorangan, tayohna mun keur macaan status anu lucu dina pésbuk. Gélo nu kitu téh? Boa...

Tuluy géték, kulantaran aya nu ngalékétek, enya matak seuri. Tapi, ceuk Aristotélés, Pilsup Yunani téa ngedalkeun: "Naon sababna jelma teu bisa seuri lamun manéhna ngalékéték sorangan?"

Hanjakal, nepi ka kiwari can aya nu kungsi ngadéngé jawabanana. Tah, kumaha mun urang nyobaan ngalékétek diri urang sorangan?

Seuri, biasana ngarupakeun manipéstasi, atawa wujud tina rasa bungah atawa lucu dina mangsa urang nyakséni atawa ngalaman kajadian nu absurd jeung pikaseurieun.

Gothe, nyimpulkeun yén seuri téh ngabogaan hubungan anu raket jeung cimata, ogé cikiih. (tapi, soal cikiih mah, ceuk uing ieu mah). Pék baé geura, mun urang seuseurian, sakapeung sok nepi kaluar reumbay cimata. Malahan bari seuseurian téh sok bari kaluar cikiih. Ceuk basa ilmiahna mah nu kitu téh kababayan.

Tapi, Seuri gé bisa ngarupakeun manipéstasi tina wujud rasa sedih. Ceuk cenah, loba urang Yahudi keur jaman Nazi, éh Naji. Eh, enya kétang NAZI. Loba nu saleuseurian basa rék diasupkeun ka ruang gas pikeun dipaéhan. Prof Whitehead jeung Prof Lawrence sempet nuliskeun ogé yén aya sababaraha suku di Afrika anu seuseurian dina mangsa ngadéngé aya batur atawa dulurna nu maot alatan dihakan buhaya, padahal geus puguh haténa mah sedih kacida.

Loba panalungtikan jeung Bunalungtikan ngeunaan seuri téh, tapi teu sakabéh élmuwan jeung élmuwati nu resep kana masalah seuri. Lantaran, unsur seuri ieu ngabanding kajailan, kapalsuan, sakapeung...malah mah tilu opat kapeung, ngandung hinaan.

"Not by wrath does one killed, but laughter", ceuk Nietzhe. "Jelma lain dipaéhan ku supata, tapi ku Seuri".

Aya deui, pendapat uing deui ieu mah, yén seuri téh nyanding pikasieuneun. Loba kajadian mun keur aya di tempat nu suni, tengah peuting, jaba malem juma'ah kaliwon, tuluy ujug-ujug aya nu seuseurian, naha geuning jadi muringkak bulu punduk, tuluy lulumpatan? Mun teu lulumpatan, nya cingogo bari ngadégdég jeung nyurucud cikiih.

Tapi, nempo kanyataan jiga kitu, uing boga kasimpulan, yén sarupaning kunti, jin, jeung umumna mahluk goib anu kaasup bangsa jurig, loba pisan nyingsieunan jelma ku cara seuseurian. Dina lalakon wayang ogé bangsa dedemit jeung buta, sok dipintonkeun téh bari saleuseurian.

Tapi sabalikna, loba ogé nu boga pamadegan yén seuri téh matak séhat. Saeutikna pikeun nu nyeri huntu, lamun manéhna geus bisa seuri, hartina manehna geus sehat. Ngan lamun enya seuri téh matak séhat, geuningan loba jelma gélo sok seuseurian? Jeung kunaon deuih, dokter ogé tara ngajak seuseurian mun keur ngobatan pasén-na?

Séjén deui, numutkeun Reader Digest nu nyebutkeun "Laughter is the medicine". Seuri téh dianggap obat. Enya kitu?

Lamun seug bener seuri téh obat, tangtuna bakal aya épék sampingna. Mun enya rék dianggap obat, atuh meureun perlu didaptarkeun ka Dirjen Pengawasan Obat dan Makanan? atawa ka Departemen Kaséhatan? Atawa perlu maké resép dokter, atawa dijual di Apotik? Kumaha deui dosisna?

Ngan kungsi aya nu ngasongkeun pamanggih: Heureuy téh ngarupakeun salah saratus panglumpatan lamun éta jelma hirupna keur kalindes ku nu séjén. Boa eta gé...*** Ieu tulisan kungsi dimuat dina KISUTA.com.


Kata kunci:

BAGIKAN

BERI KOMENTAR
Terkait